Rabu, 13 April 2016

Riyadloh :Harta Banda anu Moncor tina La'natulloh

Harta Banda anu Moncor tina La'natulloh

Dunya jeung sakabeh eusina di la’nat, dikutuk, dibenci, dipegatkeun tina rahmat Allah kajaba jalma anu eling ka gusti Alloh jeung sakabeh perkara anu ngabantu kana lancarna eling ka Alloh. Anu dimaksud ku dunya nyaeta sakabeh perkara mangrupa benda atawa kadudukan, kapangkatan anu matak ngahalangan eling ka Alloh. Sakabeh harta banda, pausahaan, jabatan, sadayana di la’nat ku Alloh kajaba upama eta perkara mangrupakeun alat pikeun jalan dzikir ka Alloh SWT. Kumargi kitu kadang-kadang Alloh SWT sok nyebat kana harta banda ku sebutan khoir anu hartina kahadean sapertos nu ka unggel dina surat al-‘Adiyat ayat 8:

وَاِنَّهُ لِحُبِّ الْخَيْرِلَشَدِيْدٌ
“Jeung saestuna maranehna teh kacida kadedemesna kana harta”.(Q.S. al-‘Qdiyat:8)
Dina ayat ieu Alloh nyebat harta banda ku kecap Khoir anu hartina kahadean, sabab diantara harta banda aya anu bisa dijadikeun fasilitas, sarana pikeun ngahontal Rohmat Alloh SWT. Tegesna bisa ngabantu kagiatan-kagiatan anu di sebat Dzikrulloh.

Penjelasan
Rosululloh SAW dina salasawios hadits anjeuna ngadawuhkeun:

الدُّنْيَا مَلْعُوْنٌ مَافِيْهَا اِلَّاذِكْرَاللّهِ رواه الترمدي
“Ari dunya eta anu di kutuk, dibenci, dipegatkeun tina rohmat Alloh SWT oge dila’nat sagala sesuatu anu aya didunya, sadaya kegitan, sadaya bentuk pamolah nu dilakukeun ku manusa dialam dunya eta sadayana dikutuk ku Alloh SWT, iwal ti jalmi anu eling ka Alloh”.
Sagala perkara rek mangrupa benda atawa lianti benda anu matak nungkulkeun diri nepi ka poho eling ka Alloh SWT eta nu dimaksud ku dunya anu dila’nat ku Alloh. Seluruh benda, seluruh kegiatan naon wae rupana kegiatan anu matak mohokeun diri ka Alloh SWT, poho ka aherat nu kitu disebut dunya anu dila’nat ku Alloh, termasuk pelakuna tegesna jalma nu ngalakukeun kegiatan kegiatan anu matak mohokeun diri ka Alloh maka termasuk anu dila’nat ku Alloh.

Kegiatan nu terbebas tina la’nat Alloh berarti eta mah kegiatan nu di Rahmat kugusti Alloh. Sagala sesuatu nu ngabantu kana terselenggarana eling ka Alloh rek berupa tempat, biaya, tanaga nu di keluarkeun pikeun menunjang sarana Dzikrulloh. Saperti ngabangun masjid, majlis ta’lim madrasah diniyyah, pondok pesantren itu sarana anu ngabantu kana Dzikrulloh lamun mah harta di pake kana ngalancarkeun kegiatan Dzikrulloh eta oge bakal terbebas tina la’nat Alloh. Kemudian jabatan nu dipake pikeun menunjang kana Dzikrulloh eta oge bakal terbebas tina la’nat Alloh tegesna naon wae baik berupa kedudukan, harta kekayaan, kendaraan nu bisa ngabantu kana Dzikrulloh, eta sadaya bakal terbebas tina la’nat Alloh.

Di lain pihak Alloh moyok kana kana harta banda sakumaha nu ka uggel dina Al Qur’an Surat al-Kahfi ayat 46:

الْمَالُ وَالْبَنُوْنَ زِيْنَةُ الْحَيوةِ الدُّنْيَا
“Ari harta banda jeung anak teh papaes kahirupan dunya”.(Q.S. al-Kahfi:46)
Lain perkara nu bisa dibanggakeun diaherat bahkan dina kaseueuran ayat, Alloh moyok kana eta harta banda tapi di lain pihak Alloh nyebat harta banda ku sebutan Khoir.

Anu kasaksi ayeuna loba nu ikhtiar pikeun neangan harta banda belaan ceuk paribasana suku dijadikeun hulu, hulu di jadikeun suku rek berang atawa peting waktu sare dipake meulek, waktu istirahat teu kabagean pikeun melaan harta kekayaan. Taya sanes Alloh nyeubat harta banda ku lafad Khoir dina suroh al-Baqoroh ayat 180:

كُتِبَ عَلَيْكُمْ اِذَا حَضَرَاَحَدَكُمُ الْمَوْتُ اِنْ تَرَكَ خَيْرٌاالْوَصِيَّةُ
“Diwajibkeun kamaraneh kabeh dimana-mana datang ka salah sahiji aranjeun kabeh gambaran pimaoteun lamun ninggalkeun kana harta kakayaaan di wajibkeun wasiat.”(Q.S. al-Baqoroh:180)
Tah eta ayat teh dilungsurkeun samemeh ayat waris, jadi baheula mah samemeh aya aturan waris cara ngabagikeun harta warisan teh ku jalan wasiat, dimana mana seseorang memiliki harta banda tuluy datang gambaran pimaoteun, tetempoan kararoneng, pikiran pararondok, nafas geus eungap sigana gambaran maot geus datang maka diwajibkeun wasiat, naon harta nu rek ditinggalkeun kudu dibagikeun heula ku jalan wasiat, sahingga dina nalika prak maot pembagian harta teh akur jeung carita nu ngantunkeun, tapi dina saba’da turun ayat waris dimana-mana ahli waris ngabogaan Furuudul muqoddaroh maka wasiat ka ahli waris teu sah sakumaha pidawuh rosul:

لا وَصِيَّةَ لِوَارِثٍ
"Teu sah wasiat ka ahli waris,teu bisa wasiat ka anak teu bisa wasiat jang pamajikan kecuali upami dikengingkeun ku sasesana ahli waris".
Naon sababna pangna harta banda di sebat Khoir?? Sabab henteu sadaya harta banda mohokeun kana Dzikrulloh tapi aya sebahagian harta banda nu ngabantu kana Dzikrulloh.

Kumargi kitu supaya urang terhindar tina La’natulloh nu ditibakeun ku Alloh kaalam dunya sarta eusina, maka sakabeh harta banda nu dipiboga kudu di gunakeun kana sarana kalancaran Dzikrulloh ulah jang ngabantu kepuasan hawa nafsu, kagiatan sapopoe nu dilakukeun kedah tiasa dikontrol bisi nyimpang kana kegiatan diluar Dzikrulloh. Insya Alloh ku ayana eta diri bakal terbebas tina la’nat Alloh SWT

Tidak ada komentar:

Posting Komentar